Monday, October 27, 2014

Naskah Drama Religi Bahasa Sunda


naskah drama anak durhaka
Pemain
1.      Abduh
2.      Rukmam
3.      Rico
4.      Vera
5.      Rudi
6.      Doni
7.      Ceu romlah
8.      Ceu maemunah
9.      Udin
10.  Ali
11.  Bc 1
12.  Bc 2

Dihiji kampung aya barudak anu bangor, pagaweana tukang malakan batur mabok-mabokan. Aya hiji pemuda anu kacida dorakana ka indung, manehna teu pernah nyaah ka indungna pagaweana ukur menta duit , dina hiji poe Abduh, Rudi jeung Doni keur neangan batur keur dipalak.
Abduh
Hey anakna para pejabat meni buru-buru, santai we atuh urang ulin heula (bari ngaleng ka Rukmam).
Rudi
Bener, rek kamana atuh! Kalem coy, bel oge can disada meni so aktif pisan da moal jadi presiden ieuh.
Doni
Heueuhlah, so rajin pisan euy lah. Leutik-leutik polontong.
Rukmam
Kuring mah kieu-kieu oge boga cita-cita anu saluhur-luhurna, kunaon  atuh maneh ngalangan jalan, awas-awas.!
Rudi
Sok api-api teu nyaho ari teun teh, iyeu teh daerah urang duaan anu ngalewat kadieu pokoknamah kudu mayar ka urang.
Rico
Aturan saha ieu teh? Da euweuh dina undang-undangna ge, sok teangan pasal sabaraha? Lamun erek majeugan tong didieu tuh di terminal, hoream teuing kudu mayar ka jelema siga ucing baor.
Rudi
Ngomong naon bieu, ngomong naon? Jeung nyarekan ucing baor sagala naha teu sadar sdidinya siga meong congkok. Buru tong loba ngomong erek mayar moal?
Rico
Mayar? Hoream teuing kudu mening oge meuli baso sapuluh mangkok puguh-puguh deui wareg.
Doni
Ahh, nu kieu mah hayang dibere peureup
Rudi
Heueuh kumaha bos, urang sikat wae?(bari ngaliruk ka Abduh)
Abduh
Heh, maneh wani ka urang ? Lamun maneh wani-wani ka urang tingali we akibatna (bari nyeukeu keurah Rico)
Rudi
Heueuh hayang digantung dina tangkal toge, buru rek mayar moal?
Doni
Heueuh, buru rek mayar moal meni loba omong pisan. Ngomong we boke atuhh.
Vera
Sok, abi rek mayar asal leupaskeun heula urang tiluan.
Abduh
Sok lamun mayar mah bisa ngalewat, tapi si gentong ieu mah ulah.
Vera
Kumaha atuhnya, bere ulah bere ulah bere ulah. tuh da ulah kan  tapi bere weha ahh karunya bisi ceurik geuti, yeuh (ngasongkeun duit sapuluh rebu).
Rudi
Euhhh, naon sapuluh rebu, meni buntut kasiran pisan, moal mahi atuh iyeu mah jang meuli arak. Anak pejabat meuli sapuluh rebu, teu salah?.
Rukmam
Urang weh yeuh nu mayar, yeuh nu beureum (bari ngasongkeun duit sapuluh rebu)
Rudi
Tah ieu duit kakara, sok ayeunamah anu duaan bisa ngalewat.
Rukmam
Hampuranya coyy, ayeunamah moal bisa mantuan ah (bari melong ka Rico).
Vera
Nya hampura ah,, kuring ge moal bisa mantua ah ayeunamah beurat.
Abduh
Tah kieu akibatna ari wani-wani ka urang mah.
Rudi
Benerrr boss, hayu urang sikattt....
Doni
Heueuh, hayu lah tuman budak polontong kieu mah.
Abduh, Rudi, jeung Doi nyiksaan Rico bari seuri anu bungah.
Rico
Ampuun, ampuuun, tolong toloooong !
Ceu Romlah
Euleuh, anak kuring disiksaan bejakeun siah ka polisi sina di bui. Kabina-bina teuing budak teh , teu sudi kurang mah teu sudi.
Rudi
Kumahanya ieu bos, bahaya ieu mahh
Doni
Bener-bener gaswat ieuuu mahh.
Abduh
Heueuhnya,cilaka . kabbuuurrr!
Abduh, Rudi jeung Doni kabur, teu kungsi lila datang Rukmam jeung vera datang.
Ali
Aya naon iyeu eceu iyeu aya naon?
Ceu Romlah
Iyeu budak kuring disiksaan ku barudak gelo.
Udin
Aduuh, , dasarrr barudak oncom meos. Geus eceu tong ceurik ayeunamah urang bawa ka rumah sakitt.
Rico dibawa ka Rumah Sakit. Ceu Maemunah ngarasa hariwang saba anakna can datng wae.
Ceu Maemunah
Aduh, kamananya jam sakieu si ujang teh can datang, meni hariwang sieun di leug-leug ku buaya we tadi keur ulin di sunge.
Abduh
Emaa, iyeu anak euma datang (nyolonong )
Ceu Maemunah
Aya naon ujang, aya naon? Timana wae atuh, ema meuni hariwang pisan ka ujang teh.
Abduh
Tong loba nanyalah ! ayeuna menta duitt.
Ceu Maemunah
Menta duit jang naon atuh ema mah teu boga duit.
Abduh
Aaah, loba omong . pokona teu nyaho ayeuna kudu aya.
Ceu Maemunah
Sabaraha ujang?
Abduh
Lima ratus rebu
Ceu Maemunah
Keur naon atuh ujang, loba-loba teuing  da ema mah pira oge tukang jamu. Teu boga duit sakitu. Meuning oge gera mandi terus sholat geus lila ema tara manggihan ujang sholat.
Abduh
Keur naon sholat ema, jelema nu sok solat oge can tangtu beunghar . pokona ayeuna hayang duitt, kuring mah teu hayang nanaon. Burukeun rek meuli arak.
Ceu Maemunah
Astagfirullahaladzim, nyebut jang nyebut. Ulah sok kitu hirup teh ukur ngumabar moal sailana sadr ujang.
Abduh
Pagawean ceramah, geus panas iyeu ceuli ngadengena. Baelah teu boga duit oge. Tuh ema boga cincin dina leungeun dieukeun (bari ngarebut cincin dina leungeun emana)
Ceu maemunah
Ulah ujang ukah, eta teh cincin ti bapa anjeun hihijina
Abduh
Aahhh.. teu butuh indung anu miskin (bari nyurungkeun indungna)
ceu maemunah nyungkruk bari ceurik. Abduh kaluar bari mawa cincin indungna.
Ceu Maemunah
Astagfirullahaladzim, naha budak teh jadi kieu. Teungteuingeun ka indyung tegh (bari ceurik)
datang ceu Romlah bari ngupahan.
Ceu Romlah
Kunaon eceu (bari ngahudangkeun)
Ceu Maemunah
Iyeu anak kuring daang teu puguh-puguh menta duit bari ngadat.
Ceu Romlah
Sing sabar eceu, kamari oge anak kuring disiksaan . ayeuna teu walakaya di rumah sakit.
Ceu Maemunah
Disiksaan kusaha eceu?
Ceu Romlah
Disiksaan ku Abduh anak eceu.
Ceu Maemunah
Naon? Disiksaan ku anak abdi eceu... hampura ecenya budak teh kabina-bina teuing.
Ceu Romlah
Enya geus we eceu tong loba pikiran. angguran mah ayeuna geura solat ngado’a kanu maha kawasa . mudah-mudahan anak eceu disadarkeun.
Ceu Maemunah
Enya atuh ceu nuhun, mudah-mufahan anak eceu sing geura sehat deui, hampura can bisa nempo.
Ceu Romlah
Enya eceu teu nnaon. Ayeunamah abi rek mulang heula. Ieu tadi keur nyangu bisi tutung, mangga ah ceu.
Ceu Maemunah
Nyasok atuh ceu.
Ceu Maemunah tuluy sholat.  Teu kungsi lila Abduh jeung Doni mawa awewe bari mabok-mabokan.
Abduh
Ema,, tingali anak ema mawa awewe anu mulus siga bidadari.
BC1
Ahh, akang mah meni sok kitu jadi isin . hehe (bari bulal belel).
Abduh
Cicing atuh neng, da bener neng mah geulis siga bidadari, ngan hanyakal.
BC1
Hanyakal naon ari akang?
Abduh
Hanyakal rorombeheun ahh.
Doni
Euuuh, maneh awewe kitu disebut geulis tingali atuh awewe urang.
Abduh
Naha kumaha kitu awewe maneh? Ah Hawuk kitu.
Doni
Naon ari maneh nyarekan hawukk, geus puguh siga careuh bulan.
BC2
Naon akang-akang teh meuni nyarekan ka abi sagala bejakeun siah ka si ema (bari ceuceurikan)
Doni
Geus atuh nyai tong tong ceurik ahhh ngewa eta leho ngucur (bari nyusut kana irungna)
Abduh
Geus, tong raribut. Kela ari indung urang kaman ema... emaa (bari neangan) euuh, solat deui solat deui pagawean teh.
Doni
Heueuh indung maneh mah, matak aral ningalina ge.
Abduh
Ema, ari ema ngadenge henteu anak datang lainna di sambut dsadiakeun dahareun nu ngeunah ngadon solat deui slat deui. ema ari ema bone, congean atau coloan? Teu ngadenge-denge.
Abduh najong indungna nu keur solat tepi ka ngajongkenang teu wlakaya.
Abduh
Si ema ngadon nunutan solat teh
Indungna tetep teu walakaya, indungna geus maot. Abduh diuk bari ngahudangkeun.
Abduh
Ema.. emaa  kunaon ema. Hudang emaa, naha ema beut ninggalkeun kuring, kuring ayeuna jerung saha? Kuring janji rek jadi budak anu soleh.. hampura ema (bari ceurik)
Doni
Geus duh, tong ceurik era atuh preman ceurik.
Abduh
Aaaah, cicingkeun urang mah hayang sorangan.
Abduh kaduhung anu sageude gunung. Swaktu masih hirup indungna sok dinyeunyeuri. Tisaprek eta Abduh jadi anak anu bageur jeung soleh. Abduh jeung babaturana menta hampura ka babaturana anu sok dipalakan.

No comments:

Post a Comment