Monday, October 27, 2014

Artikel Budaya Sunda



Nama          : Hera Herliana
Kelas          : IA
NIM           : 12211007
M. Kuliah   : Budaya Sunda

Budaya Sunda Anu Langka Jaman Kiwari
            Sélér bangsa naon waé jeung dimana waé tangtu ngabogaan budaya séwang-séwangan, sakapeung méh sarua,sakapeung béda pisan. Utamana waé budaya sunda anu kudu dimumulé ku urang salaku orang sunda tangtu ngabogaan kacirina upamana tina pakéan, kasenian, kadaharan, wangun imah jeung adat istiadat. Tapi loba jaman kiwari  tina éta kabudayaan sunda téh anu tara dipaké tur dimumulé ku orang sunda sorangan.
Dina pakéan sunda awéwé baheula sok maké kabaya anu mangrupakeun pakéan ciri khasna éta sunda, tapi dina jaman kiwari loba urang sunda ngagunakeun pakéan anu modern dina acara resmi malah mah ngarasa éra jeung gengsi lamun maké kabaya sabab kabaya dianggapna mah kuno padahal mah éta téh mangrupakeun kabudayaan sunda kudu dimumulé sangkan henteu punah najan loba pakéan anu modern anu datangna ti nagara asing.
            Kasenian sunda anu langka jaman kiwari nyaéta kasenian reog ngagunakeun dogdog gendang anu ditabeuh, di barengan ku gerak tari anu lucu jeung lawak ku para pamaénna biasana ditepikeun ku pesan sosial jeung kaagamaan. kasenian reog dipaenkeun ku opat urang, nyaéta dalang anu ngatur kaulinan, wakilna jeung ditambah ku dua pamaén salaku pembantu. Dalang maénkeun dogdog anu ukuran 20 cm anu disebut dogdog tilingtingtit. Wakilna nyepengan dogdog anu ukuran 25 cm anu disebut panempas, pamaén katilu ngagunakeun dogdog ukuran 30-35 cm anu disebut bangbrang, pamaén ka opat nyepeng dodog ukuran 45 cm anu disebut badugblag. Lila pageularanna antara sajam nepi ka sajam satengah. Lagu-laguna aya ogé panabeuhna  waditra  jeung palengkepan misalna dua buah saron, gendang, rebab, goong, gambang jeung sajabana, anu fungsina nyaéta pangiring lagu-lagu salaku selingan atawa palengkep. Alat musik anu dipakédina reog nyaéta reog anu sok disebut dogdog atawa ogél anu diantawisna nyaéta dalang, wakil, beungbreung ,gudubrag, jeung kecrék. Alat musik pangiring reog biasana kendang, goong, tarompet jeung kacapi.Tapi dina jaman kiwari pamaén jeung kelompok organisasina geus langka. Dina ayana ogé paling ti kelompok generasi anu sepuhna. Pageularana ogé geus langka lantaran kurangna panggilan keur tampil, masyarakat ayeunamah lobana nanggap musik modern. Padahal mah loba masyarakatbanu ngarepkeun supaya media masa saperti : TVRI, jeung stasiun TV swasta nayangkeun jenis-jenis kasenian saperti réog.
            Kadaharan asli sunda ogé loba rupana contona saperti ali agrem, dodol garut, cilok, ciréng, misro, combro, kurupuk, oncom, ondé, papais, raginang, rujak, sambel, surabi, tahu Sumedang, katimus, jengkol, tapi kadaharan sunda anu geus langka jaman kiwari nyaéta awug kadaharan khas urang sunda anu dijieuna tina tipung béas, tipung ketan, gula beureum, kalapa parud, jeung bentukna krucut, jalma nu diluar sunda ogé sok mikaresep kana dahareun kusabab jeung rasana unik biasana sok dipaké oléh-oléh. Awug ogé bisa bisa disebut tipung béas anu dilapis lapis ku gula beureum, daharna sok dibeulahan siga meulahan roti terus dipurulukan ku kalapa parud, adonan tipung béas anu diseupan bareng  jeung gula beureum, baheula mah dijieuna dina pas usum panen tapi kiwari geus tara aya.
            Wangun imah ciri khas sunda nyaéta panggung (aya kolongan) bedana jeung imah panggung sélér bangsa lain (batak, dayak, minangkabau) nyaéta luhurna kolong mah teu pati luhur. Suhunan imah tatar sunda mah rupa-rupa aya julang ngapak, jogo anjing, heuay badak, juré limas jeung léang-léang. Pohangan imah dibagi nurutkeun babagian anu khusus, nyaéta bagian hareup leupas ngumpulna sémah lalaki, enggon (kamar saré) jeung bagéan dapur (hawu jeung padaringan) gudang tempat nendeunan, bagian tukang imah pikeun awewe (goah, pabeasan).  tapi dina jaman ayeuna lolobana orang sunda ngawangun imah anu gedong sigrong jiga jaman kiwari, paling jalma anu kurang mampu anu ngawangun imah ciri khas sunda nyaeta panggung.
            Utamana waé loba adat istiadat kabiasan anu langka dina jaman kiwari. Saperti dina ngurus orok baheula mah réréana ngalahirkeun téh ku paraji. Ayeuna  mah ilaharna ku bidan atawa dokter. Terus paraji sok mapagahan ka indungna éta orok cara ngamandian, cara ngabedongna, cara ngamongmongna, jeung tepi ka marancahana. Lamun orok heuay téh sok dihalangan sungutna ku ramo, bari ngucap “sup baju ka kurungan”. Baheula mah ngubaran orok anu sisiduen téh ku reuwas, nyaéta rada digebah bari ngucap “maling cikur” lamun masih kénéh sisidueun sok digeubah bari ngucap “maling jahé”,lamun orok tuluy-tuluy baé sisidueun sok ditapelan pucuk daun seureuh atawa atawa ku rambu samak diantara halisna. Ari sisidueun teh kusabab katiisan kiwari mah sok langsung waé orok teh dibalur ku kayu putih atawa minyak tawon supaya haneut. Palebah orok katerap panas tiris atawa ceurik teu pupuguh, pangheula-heulana dibura ku panglay, dipupuk ku gegejok jeung sawanan. Lamun orok beresin sakali, sok ditenbalan ku indungna ku ngucap “ceng sawan”, lamun ngadua kalian beresinna, sok ditembalan ku indungna “hurip waras”. Nya kitu deui lamun orok kabesekan sok ditembalan, pokna téh: “bong-bong jalan ka gedong”.
Menera budak lalaki kitu deui geus nincak mangsa anu mejeuhna disundatan ogé teu lepas tina adat kabiasaan . di urang nepi ka kiwari geus jadi kabiasaan, lamun aya budak lalaki disundatan atawa dihitan  baheula mah teu lepas tina adat jeung kabiasaan nyaéta sok diayakeun raramean. Keur anu salametan rongkah mah, saméméhna budak disunatan téh sok dibawa helaran, dina iring-iringan seni kuda rénggong mun di Sumedang, atawa sisingaan mun di Subang. Tapi di daérah séjén gé sok rajeun nanggap kuda rénggong atawa sisingaan, kiwari mah di daérah pakotaan geus langka anu ngaréncéng-réncéng budak anu disundatan modél baheula téh. Ayeuna mah lolobana di gedong nu meunang nyéwa. Kitu ogé keur nu loba duit, Ari anu basajan mah cukup ku siduru isuk waé. Disundatan gé baheula mah masih kénéh ku paraji, nu sok padanyebut bengkong. Ari paraji tukang ngurus nu ngalahirkeun mah disebutna indung beurang.Tapi lamun ayeuna mah réa nu ngahaja datang ka tempat praktekna .kitu ogé dinamangsa kawinan.
Kitu ogé dina mangsana kawinan. Prak-prakna upacara ngawinkeun di unggal daérah tara leupas tina adat istiadat. Lamun upacarana dibarengan ku kasenian, kasenianna oge béda-béda. Aya wayang golék, wayang kulit, jaipongan, degung, tarling, atawa kasenian sejenna. Eta téh sok diayakeunna sabada acara nu poko nyaéta walimahan, dina jaman kiwari mah lolobana  sok ngayakeun musik dangdut.
Sabenerna loba kénéh budaya sunda anu lainna anu teu di pikawanoh ku urang sunda sorangan. Budaya sunda anu langka jaman kiwari sabab ka pangaruhan jaman anu modern sahingga urang sunda lolobana nurutkeun budaya barat. Urang salaku urang sunda kudu ngamumulé adat budaya karuhun jeung bisa nyaring kana budaya anu datang ti luar anu perlu disesuaikeun jeung kabudayaan urang, sangkan ieu budaya sunda téh tetep aya anu ngajadi ciri sélér bangsa sunda.

No comments:

Post a Comment